Carpon Sunda Karya Rifki Mochamad
BUDAK LUHUR CITA-CITA
Aya budak SMA nu boga cita-cita nu luhur pisan, anjeunna boga cita-cita rék hoyong jadi pagawé IT jeung programmer, Tepi ka baraha taun kahareup anjeunna ngacapai cita-cita na jadi pagawé IT di hiji Perusahaan Programming di Jakarta. Tapi éta budak teh kerja kerasna teu kabayang tepi ka sukses kitu.
Dina hiji kampung aya budak nu namina Ruslan, éta budak téh meuni bageur, sopan, santun rejeung ramah pisan, sapopoé na Ruslan ngan ukur seperti biasana wé ngajalankeun kahirupanna rejeung keluargi na.
Dina hiji poé Ruslan mimpi, mimpina téh Ruslan jadi bos perusahaan IT Di Amerika, sapertos éta Ruslan mimpi Anjeunna jadi boga impian hoyong jadi Pagawé IT, Ruslan budakna émangna ge tipe budak nu resep ka teknologi téh lain ngan ukur maké na doang, anjeunna mah reseup ka teknologi téh sabari di pelajari, kumaha-kumahana, Anjeunna budak SMA kénéh tapi budakna boga cita-cita nu luas jang masa depan manéhna. Ruslan oge budak na pinter dikelas sok juara kelas waé, komo deuih tina pelajaran nu ngandung Teknologi pasti manéhna reseup pisan ka éta pelajaran, Hiji poé Ruslan Ulangan mata pelajaran TIK anjeunna menang nilai nu sempurna tibatan babaturan Ruslan nu lainna mah, “Ruslan hidep emang jago tina pelajaran TIK” Ceuk Guruna di sakola, Ruslan makin reseup ka pelajaran nu nyangkut Teknologi di jero na.
Samenjak Ruslan boga nilai gedé wae tina pelajaran, saleuwihna pelajaran nu nyangkut Teknologi, anjeunna ku guru na di titah miluan lomba TIK tingkat SMA di sakola na, manéhna bingung jeung senang ogé, kusabab Ruslan gé rada bingung, kira-kira naon nu bakal di lombakeun dina éta perlombaan téh. Ruslan langsung belajar naon-naon kira-kira nu bakal dijadikeun dina éta lomba téh, manéhna belajar sagala nu teu acan Ruslan paham leuwihna tina Teknologi, Ruslan kapikiran “Wah mereun nu bakal dijadikeun lomba teh palingan pengetahuan umum Teknologi doang” ceuk Ruslan. Manéhna yakin bakal éta nu dijadikeun perlombaan téh. Di poé anyar guru Ruslan ngajak Ruslan lomba TIK tingkat SMA nu bakal di laksanakeun minggu hareup, “wah minggu hareup lomba na” Ceuk Ruslan bari seneng jeung hoyong buru-buru. Tilu poé deui Ruslan lomba pak téh Ruslan geuring tiba-tiba panas muriang jeung flu, anjeunna tepi ka jadwal lomba dilaksanakeun masih kénéh geuring teu damang, Tapi hiji poé deui ka loma, Ruslan bari jeung batuk pusing pilek ogé belajar deui nepi ka éta lomba téh dilaksanakeun.
Pas poé minggu manéhna milu jeung guru TIK sakola na ka tempat perlombaan tingkat SMA sa kecamatan, manéhna jeung guruna indit ka kecamatan, Tepina ti kecamatan “euhh loba kieu geuningan peserta lomba na téh” ceuk Ruslan bari rada sieun jeung boga rasa deg-degan di jero haté, Ruslan rada leungit kapercayaan diri kusabab éta lobana peserta lomba nu bakal di laksanakeun di kecamatan téh. “Ruslan hidep ulah sieun ku lobana ieu peserta lomba” ceuk guru Ruslan, “Muhun pa” ceuk Ruslan. Pemberitahuan tos di rangukeun ku sadaya peserta lomba TIK di kecamatan téh, para peserta lomba TIK éta téh di piwarang sageura asup ka ruangan lomba. “Ruslan hidep kudu percaya diri, ulah sieun éléh ku peserta lomba nu lain” ceuk guru Ruslan. Manéhna indit ka ruangan nu tos di sadiakeun ti kecamatan téh.
Ruslan ngadoa ka Gusti Allah SWT, “ya Allah gampangkeun abdi tina ngisi soal-soal perlombaan téh ya Allah” doa Ruslan. Panitia éta lomba téh ngabagikeun soal-soal nu bakal para peserta lomba téh di kerjakeun, sa enggeus Ruslan kabagian éta kertas soal téh, Ruslan ngisi data saperti biasana, anjeunna mikir “wah Alhamdulillah ya Allah ieu soal abdi ngarti sadayana” ceuk Ruslan bari bungah jeung seneng, baraha jam éta lomba téh, panitia éta lomba ngumunkeun waktu na éta ngerjakeun soal-soal téh tos béak.
Panitia nyokotan satiap soal nu ku peserta isi tibangku na masing-masing, pék kertas Ruslan ogé di candak ku Panitia éta lomba téh. Ruslan kaluar ti ruangan tempat éta lomba téh, pék guru ruslan datang, “Ruslan kumaha soalna téh, gampang teu?” ceuk guru Ruslan bari senyum. “Alhamdulillah pa, soalna gampang sadayana” ceuk Ruslan bari seuri ka Guruna téh.
Sapertos nunggu jadwal panitia éta lomba téh ngumunkeun hasil lomba TIK éta téh, Panitia lomba ngumunkeun nilai nu paling tinggi dina éta lomba téh, Ruslan bari boga rasa dag-dig-dug bari ngadoa ka Gusti Allah, pak téh Panitia lomba téh ngumunkeun nu jadi pamenang éta lomba téh nyaéta Ruslan, “ Ya Allah Alhamdulillah doa abdi di kabulkeun” ceuk Ruslan bari bangga jeung seneng. Ruslan boga nilai paling tinggi dina éta lomba téh, anjeunna jadi juara kahiji dina lomba TIK éta téh, Guru Ruslan bangga ka Ruslan kusabab tos ngabanggakeun sakolaaan jeung anjeunna.
Ruslan meunang piagam jeung sertifikat jadi juara kahiji dina éta lomba téh. Ruslan bangga pisan jadi juara hiji dina éta lomba kusabab anjeunna seneng dina lobana peserta lomba anjeunna jadi juara kahiji, meunangkeun piagam jeung sertifikat kajuaraan lomba TIK éta téh. Pék Ruslan balik ka imah, “Umi abdi jadi juara kahiji meunangkeun lomba TIK tingkat SMA di kecamatan” ceuk Ruslan ka indungna bari seneng jeung bangga. “wah Alhamdulillah Ruslan umi ogé ngadoakeun waé di imah téh supaya anjeun juara” ceuk umi Ruslan bari bangga ka Ruslan.
Manéhna bangga kusabab jadi juara éta lomba TIK nu pertama téh, Ruslan jadi kapikiran mun hoyong meunangkeun deui lomba, manéhna kudu leuwih giat belajarna jeung leuwih tina sagalana nu nyangkut Teknologi, terus-terusan Ruslan semangat belajar na, manéhna meunang deui artikel nu nyangkut Teknologi kénéh nyaéta “Programming”. Ruslan jadi makin hoyong nyaho leuwih jero tina éta bidang téh, anjeunna langsung néangan informasi nu ngandung unsur Programmer, Ruslan teu patah semangat budakna.
Tepi ka manéhna paham éta bidang téh, Ruslan teu henti belajar programming balik sakola, atawa ogé mun keur Aya waktu luang dimana waé Ruslan hicing terus-terusan waé Ruslan milarian informasi nu nyangkut Teknologi di bidang programming téh, Ruslan tertarik belajar bahasa program Java, kusabab manéhna mikir program java mah pan biasana dipake jang ngadamel aplikasi android, “wah Android pan jaman ayeuna mah dibutuhkeun pisan, abdi mendingan belajar bahasa program java ah” ceuk Ruslan bari mikir.
Ruslan terus-terusan belajar éta bahasa program teh nyaéta bahasa program java, anjeunna mulai belajar bahasa program éta teh mulai ti belajar dasar-dasar na, tepi ka jero na eta bahsa program téh, hiji poé Ruslan nyoba ngadamel program aplikasi berbasis mobile kusabab jang program aplikasi Android, Ruslan nyoba ngadamel aplikasi simple Android nu masih simple kénéh, pak téh Ruslan bisa éta ngadamel aplikasi téh.
Manéhna nyoba ngadamel aplikasi running man, nyaéta gamé simple balap lempang jang HP Android, saking simple na éta gamé teh ngan ukur balap lumpat wé simple pisan. Anjeunna terus belajar leuwih jero tina bidang Programmer. Dibalik éta kabéh Ruslan téh nuju kelas 12 ogé kusabab badé ngahareupan Ujian Nasional, manéhna ogé teu sibuk teuing kana belajar bahasa program Java, Ruslan ogé budakna pinter di pelajaran nu lainna oge. Anjeunna sering jadi juara kelas ti kelas 10 mula, pék Ruslan ogé belajar mata pelajaran nu lain sebab manéhna nuju kelas XII nyiapkeun badé UN.
Maki jago tina bahasa program Java, Ruslan nyoba deui ngadamel aplikasi website, dina ngadamel aplikasi éta Ruslan sempet bingung, “ naha ari aplikasi mah rada rumit oge tibatan game nu dijieun awal mah “ ceuk Ruslan bari rada bingung. Ruslan nyoba nyieun éta aplikasi téh, pas di compile hasilna nyaéta aplikasi na téh jeu jalan, kusabab loba kénéh kasalahan koding Java nu manéhna jieun, lantas nyieun aplikasi nu lainna mah béda tibatan nyieun aplikasi game, Ruslan terus berusaha “Kumaha nya ieu kuring nyieun aplikasi teu acan fix waé koding na” ceuk Ruslan bari mikir.
Lila-kalilaan Ruslan bisa ngabéreskeun éta koding jadi bener, aplikasi nu manéhna jieun téh bisa si compile jeung di jalankeun. Ruslan bangga kusabab aplikasi jieunan na bisa di jalankeun jeung eweuh deui bug dina koding na. Terus jeung terus Ruslan nyoba-nyoba nyieun aplikasi lainna ogé sarua, teupi ka hareupna Ruslan terus-terusan belajar leuwih jero tina bahasa program java téh. Dina hiji waktu Ruslan nyoba deui nyieun program lalu-lintas make program java, manéhna berhasil nyieun éta program téh.
Kabeneran Pas Ruslan cek online téh aya pihak swasta nu ngayakeun lomba nyieu. Program aplikasi junior di kota na, Ruslan kaget “ wah kuring miluan kitu nya “ ceuk Ruslan bari mikir, geus kitu manéhna yakin ogé jeung langsung miluan lomba program aplikasi junior éta téh. Manéhna daftar dina eta lomba deui secara online, sa enggeus daftar Ruslan langsung latihan deui nyieun program aplikasi nu lainna supaya pas lomba manéhna lancar eweuh ke dala.
Kabeneran ogé éta lomba téh bisa di kerjakeun di imah masing-masing, Panitia lomba éta aplikasi téh nyieun rules nyaéta lomba ieu téh tiasa di imah dikerjakeun projek na, Ruslan kaget jeung seneng ogé, manéhna jadi rada tenang kusabab ieu lomba téh maksimal na tilu poé nyieun program aplikasi na. “uhh.. Alhamdulillah untung tilu poé” ceuk Ruslan téh.
Dina éta lomba téh nyaéta kudu ngajieun aplikasi edukasi jang paragi budak SD, Ruslan kapikiran “Wah kuring nyieun aplikasi naon nya kira-kira nu bakal barudak SD bakal reseup. Manéhna boga ide nyaéta ngajieun aplikasi edukasi pengetahuan umum jang barudak SD. Éta aplikasi nu bakal Ruslan jieun téh nyaéta “Pengetahuan Umum Mata pelajaran SD”, Ruslan kapikiran éta ide téh bakal jadi projek nu alus pikeun aplikasi nu bakal manéhna jieun. Ruslan nyieun éta projek téh dimulai ti ngajieun judul projek nu bakal anjeunna jieun téh, terus tepi ka nyieun header na heula, lantaran nyieun projek mah kudu maké header heula. Manéhna Boga ide deui pikeun ngajadikeun naon éta dijero aplikasi na téh.
Ruslan boga ide nyaéta manéhna bakal ngasupkeun Ilmu-ilmu pengetahuan umum jang barudak SD, mulai ti pelajaran Bahasa Indonesia, Bahasa Inggris, Ipa, Ips, Sbk, penjas, jeung sajabana, anjeunna ngasupkeun sagala nu jadi atawa kaasup kana pengetahuan umum SD mah, saperti hal-hal nu dasar waé tina tiap-tiap mata pelajaran nu di di belajarkeun ku barudak SD téh. Ruslan bingung naha pas manéhna compile bagian palajaran matematika error, manéhna mikir “Wah naha kieu nya euy” ceuk Ruslan bari mikir téh. Ruslan néangan eta bug téh letakna dimana nya “ ceuk Ruslan téh, akhirna manéhna menang éta pusat bug téh, sa enggeus manéhna nyaho éta bug na dimana, Ruslan langsung ngoméan eta koding teh supaya bug na leungit jeung projek na bisa di compile deui.
Sa enggeus éta Ruslan ngoméan bug na téh, pek Ruslan nga compile deui projekna téh, “Naha ieu masih kénéh teu tiasa di compile nya kuring bingung” ceuk Ruslan bari bingung téh. Manéhna néangan deui éta koding dimana nu salah téh tepi ka éta bug kapanggih deui ku manéhna. Lantas kapanggih deui éta bug langsung Ruslan oméan deui waé éta terus jeung terus, tepi ka éta peojek na bisa Ruslan compile deui jeung bisa di jalankeun projek na.
Éta bug nu ku Ruslan téangan téh tos kapanggih, lantas Ruslan oméan koding na. Manéhna nga compile deui éta projek na téh. Sabérés na éta di compile téh. Program aplikasi nu ku Ruslan jieun téh bisa di jalankeun projek na, Ruslan bangga kusabab aplikasi jieunan manéhna eta téh bisa di compile deui jeung dijalankeun. Sa enggeus éta téh manéhna istirahat heula nuju tuang jeung sajabana di imahna téh “Ruslan kumaha éta projek téh tiasa can? “ tanya indungna ka Ruslan téh, “Alhamdulillah mi, da ieu mah projekna ge bisa dijieun maksimal tilu poé mi” jawab Ruslan ka indungna.
Isukan na Ruslan téh ngalanjutkeun deui projek manéhna di imahna, di poé kadua eta Ruslan ngerjakeun projek téh pék aya kajadian nu ngagetkeun manéhna, pakk téh laptop Ruslan téh teu tiasa hurung pas anjeunna ngahurungkeun éta laptop na téh. Lantas manéhna bingung jeung dag-dig-dug lantaran projek aplikasi nu manéhna jieun téh teu acan bérés. “Haduh gustii, naha ieu laptop téh teu tiasa hurung kieu nya” ceuk Ruslan bari dag-dig-dug sieun teu hurung wé eta laptop manéhna téh. Ruslan néangan sagala cara supaya laptop manéhna teh hurung deui, sabab lantaran kabeh projek nu keur anjeunna jieun téh aya dina laptop éta kabéh.
Ruslan terus terang néangan sagala cara kumaha caran éta laptop manéhna téh hirup deui. Manéhna sedih , panik , jeung dag-dig-dug oge. Ruslan sieun wé eta laptop manéhna téh teu tiasa hurung deui, “Ya Allah kuring téh keur lomba ieu téh, naha maké jadi kieu” ceuk Ruslan bari sedih jeung sieun laptop manéhna téh teu hurung deui.
Pék manéhna téh indit ka tempat servis komputer di daerah na. Ruslan néangan tempat éta teh ti manéhna hudang saré wé, da lantaran manéhna panik kusabab sieun laptop manéhna téh teu tiasa hurung deui. Pas jam 10 isuk téh Ruslan tepi ka éta tempat servis komputer téh. Manéhna pék ngoméan heula laptop na téh. Ruslan balik ka imah na heula lantaran ngoméan laptop mah da teu tiasa langsung bisa di tungguan téh.
Satepi na Ruslan di imah na téh, manéhna bari rada bimbang ogé sieun pisan da atuh éta laptop manéhna téh teu tiasa hurung deui. Pék pas dzuhur téh anjeunna sholat, bérés sholat téh manéhna langsung ngadoa ka Gusti Allah “Ya Allah hurungkeun deui laptop abdi ya Allah” doa Ruslan bari sedih jeung rada arék ceurik téh, dan manéhna mah budakna tekun ogé kana ibadah jeung kagiatan nu lainna ogé.
Ruslan ngabaraban ka babaturan na nu namina Azmi, “mi laptop kuring paéh euy, naha nya” tanya Ruslan ka Azmi téh, “Wah paéh kunaon deui waé éta téh lan?” jawab Azmi ka Ruslan téh. Manéhna pék cerita ka babaturan na téh si Azmi. Anjeunna masih kénéh dag-dig-dug da laptop na masih kénéh di oméan, Manéhna sieun laptop na téh teu tiasa hurung deui, terus-terusan Ruslan ngadoa supaya laptop manéhna téh teu kunanaon jeung bisa hurung deui.
Burit burit manéhna indit deui ka tempat servis komputer nu manéhna datangan keur isuk téh, manéhna ménta di baturan ka tempat servis komputer na téh ku Si Azmi, lantas manéhna langsung ngabaraban ka babaturan na si Azmi téh, pék manéhna téh ngajakan si Azmi milu ka tempat servis komputer manéhna, si Azmi pak téh teu tiasaeun ngiring ka tempat servis komputer manéhna, Si Azmi téh da emang na gé rada Egois budakna teu cara si Ruslan téh.
Manéhna indit ka tempat servis komputer na sorangan burit burit téh, manéhna langsung nanyakeun ka éta tempat servis na téh sugan wé da laptop manéhna bisa hurung deui atuh, lantaran manéhna masih kénéh kudu ngalanjutkeun deui projek manéhna. Ruslan nanya ka mentor komputer na téh, pak téh komputer manéhna na teh cnah kudu di ganti motherboard na sabab geus teu bisa di paké deui lantaran manéhna bingung kudu kumaha, Ruslan nanya ka mentor servis na téh cnah kudu ngabenerkeun ieu laptop téh kudu di ganti deui motherboard na, manéhna langsung balik deui ka imah na téh, Ruslan bingung lantaran manéhna teu gaduh acis jang ngoméan eta laptop manéhna téh, manéhna ngomong ka indungna téh lantaran laptop manéhna teu hurung, kudu di ganti motherboard na, Ruslan ngomong ka indungna hoyong ngoméan éta laptop manéhna téh kusabab manéhna boga projek nu teu acan bérés pikeun lomba 2 poé deui, indungna téh pak téh ngerti ka budakna. Ruslan langsung ka tempat servis komputer na deui langsung acc laptop na arék di oméan motherboard na téh.
Sa enggeus éta manéhna nga acc ngoméan laptop manéhna ka mentor servis na téh, Ruslan hoyong éta laptop manéhna téh bisa hurung deui peuting ayeuna. Mentor servis na langsung ngajawab “oké peuting ayeuna ge bérés ieu laptop téh” Ruslan bangga wé akhirna semoga laptop manéhna téh tiasa hurung deui. Pék manéhna nungguan tepi ka peting téh can aya waé kabar ti mentoring servis komputer manéhna téh. Manéhna tetep masih aya rasa dag-dig-dug ogé téh lantaran manéhna kudu ngabéreskeun éta koding program aplikasi na téh isukan terakhir na téh. Ruslan terus ngadoa supaya aya kabar ti tempat servis na.
Teu lila manéhna nungguan bari aya rasa dag-dig-dug téh, langsung aya kabar di hp, kabar ti tempat servis komputer manéhna téh. Cnah laptop manéhna téh tos tiasa hurung deui jeung tiasa di candak ayeuna. Ruslan bangga ngadéngé éta kabar ti tempat servis komputer manéhna téh. Lantas manéhna indit ka tempat servis komputer téh langsung nyandak leptop manéhna deui. Tepi na di imah manéhna langsung ngalanjutkeun deui projek manéhna téh “Alhamdulillah ieu laptop hurung deui” ceuk Ruslan bari bangga kusabab manéhna bisa ngalanjutkeun projek aplikasi na téh.
Manéhna koding deui dina bagian ngasupkeun Ilmu-ilmu pengetahuan umum SD na téh bagian tina bahasa Inggris jeung IPA nu teu acan wé étamah. Langsung sa enggeus éta Ruslan koding deui projek manéhna téh langsung anjeunna nga compile deui projek na. Éh lantaran tos teu aya bug deui manéhna langsung bisa ngajalankeun éta program aplikasi manéhna téh langsung manéhna nyieun logo jang aplikasi na téh. Sa enggeus éta manéhna téh nyieun tata letak tampilan aplikasi na supaya barudak SD nu jadi target na téh rareseupeun ka aplikasi nu Ruslan jieun téh.
Sa enggeus éta manéhna langsung nyoba beta tester na téh, ngajalankeun aplikasi nu manéhna jieun téh maké device Android, pak téh aplikasi na langsung kabuka jeung lancar eweuh kendala nanaon deui. Ruslan bangga éta hasil susah payah na manéhna bisa ogé langsung lancar ogé da lantaran masih kategori aplikasi simple mah teu acan loba loba ngasupkeun include ka éta aplikasi na téh. Nu penting mah manéhna mah da aplikasi na téh katingali na alus jeung bermanfaat ogé isi di jero aplikasi na téh. Anjeunna nyoba oge ka guruna titah nga install éta aplikasi na téh hoyong ménta pendapat kana aplikasi nu manéhna jieun téh. Da manéhna ogé hoyong menta di pendapat ngenaan hasil buatan manéhna sorangan téh ka batur.
Guruna Ruslan téh nga install éta aplikasi nu Ruslan jieun téh, pak téh guruna ngomong ka manéhna téh cnah ieu mah da alus atuh Ruslan, “maneh hebat bisa nyieun ieu aplikasi make program bahasa java teh kurang ti tilu poé” ceuk guruna téh ka Ruslan ngomong bari senyum téh. Ruslan bangga lantaran hasil susah payah na manéhna teh di kritik ku Batur téh majar alus cnah, anjeunna bangga jeung boga rasa seneng ogé kusabab manéhna tos bérés pikeun aplikasi nu manéhna jieun téh.
Isukan na manéhna indit deui ka tempat perlombaan na téh, manéhna mikeun éta projek nu manéhna jieun téh ka Panitia lomba éta aplikasi téh. Lain Ruslan ogé da peserta lomba nu lainna ogé sarua ngumpulkeun projek nu maranéhna jieun téh ka para Panitia éta lomba téh. Ruslan bari nungguan hasil pengumuman saha bu bakal jadi juara dina eta lomba téh bari jeung teu sabar hoyong nyaho saha nu bakal jadi juara na. Kusabab ieu lomba téh da mun nu juara hiji nepi ka tilu téh bakalan meunang BEASISWA asup ka perguruan tinggi negeri nu aya di Bandung téh.
Ruslan ngadoa wé terus jeung dag-dig-dug deui lantaran manéhna hoyong pisan jadi juara dina éta perlombaan téh. Manéhna terus-terusan ngadoa eweuh hentina hotong jadi juarana téh. Manéhna kudu nungguan tepi ka beurang, lantaran informasi nu juara na téh di umumkeun na ogé beurang atuh. Ruslan bari jeung boga rarasa sieun éléh téh da terus we ngadoa dina jero haté na téh supaya juara dina eta perlombaan téh.
Manéhna geus teu sabar lantaran hoyong nyaho saha nu bakal jadi juara dina éta perlombaan na téh, pék adzan lohor téh kadéngé, manéhna langsung ka masjid heula lantaran manéhna mah da budakna émangna gé tekun jeung rajin pisan dina naon baé téh. Terutama na mah dina bidang agama mah komo deuih. Sa enggeus sholat téh manéhna langsung ngadoa ka Gusti Allah “ Ya Allah semoga hamba jadi juara, abdi hoyong bisa asup ka perguruan tinggi negeri teh ya Allah “ doa Ruslan bari serius téh nyanghadeup ka Gusti Allah SWT téh di masjid.
Pék bérés sholat terus ngadoa téh manéhna balik deui ka tempat perlombaan na, Kabeneran éta budak teh beruntung jeung deuih da émangna gé budakna tekun kana sagala-gala na téh, Panitia ngumunkeun hasil perlombaan aplikasi éta téh, pék pas panitia ngumunkeun nu juara kahiji téh nyaéta Ruslan, manéhna langsung bersyukur ka Gusti Allah téh lantaran manéhna bener jadi juara kahiji dina éta lomba téh. Ruslan bangga jeung seneng pisan lantaran manéhna na jadi juara kahiji jeung manéhna meunangkeun beasiswa asup ka perguruan tinggi negeri di Bandung téh.
Lantaran manéhna jadi juara dina éta lomba téh, Ruslan ogé menang penghargaan ti sakolaan jeung ngedukung oge manéhna asup ka perguruan tinggi negeri téh. Anjeunna tos jadi budak nu ngabanggakeun indung jeung sakolaan manéhna ogé. Pas balik kaimah téh manéhna langsung meluk indungna jeung ceurik bangga oge kusabab manéhna jadi juara dina éta perlombaan aplikasi téh. Indungna ogé ceurik jeung bangga boga anak téh ngabanggakeun waé. Ruslan geus kitu manéhna sibuk belajar akademik na deui lantaran manéhna ogé badé Ujian Nasional. Da Ruslan gé nggeus kelas 12. Manéhna sibuk deui terus menerus belajar akademik na.
Nepi ka hiji poe manéhna Ujian Nasional, Ruslan téh da budakna tekun dina sagala hal, manéhna jadi tos siap ngahareupan Ujian Nasional éta téh. Saminggu ngajalankeun Ujian Nasional éta manéhna rada tenang, baraha poé kahareup guruna Ruslan ngumunkeun hasil jeung nilai nilai na Ujian Nasional éta téh. Ruslan mah da tenang we nilai na mah geus yakin manéhna kusabab Manéhna na mah tekun jeung percaya “Usaha mah moal ngahianatan hasil” ceuk Ruslan bari seri téh.
Guru Ruslan téh ngumumkeun tah éta nilai ujian Nasional taun ayeuna téh, Ruslan meunang nilai matematika, kimia, biologi paling luhur pisan tibatan nilai babaturan na nu lainna. Lantas Rulan bangga éta hasil kerja keras manéhna belajar téh dibales ku nilai nu puas jeung paling tinggi tibatan babaturan nu séjén na mah. Manéhna téh pas balik ka imahna langsung méré nyaho indungna lantaran manéhna meunangkeun nilai paling tinggi tibatan babaturan Ruslan nu séjén na mah. Indung na téh ngarasa bangga deui kusabab manéhna mah budakna tekun jung rajin belajar sapopoé na di imah téh.
Lantaran manéhna boga nilai Ujian Nasional paling tinggi tibatan babaturan Ruslan nu lainna mah, anjeunna ogé jadi bisa ogé asup ka perguruan tinggi negeri na téh maké jaur Rapot ogé. Guruna ngomong “Ruslan hidep boga nilai nu berkembang ti kelas 10 mula ayeuna anjeun boga nilai ujian Nasional ogé paling gedé, bapa bangga ka hidep lan” ceuk gurun bari nepak punduk si Ruslan téh. Manéhna ogé da emang keur bangga kénéh éta hasil kerja keras manéhna kabayar ku meunangkeun nilai nu paling gedé tibatan babaturan na mah.
Teu lila bara bulan kahareup anjeunna mangkat ka perguruan tinggi negeri di bandung nyaeta ka ITB, manéhna geus bisa langsung asup kusabab boga dua faktor nyaeta beasiswa jeung boga nilai nu gedé pas Ujian Nasional manéhna na téh. Manéhna milih juruan IT lantaran éta téh jurusan impian manéhna nu akhirna mah ku manéhna gapai sorangan berkat kerja keras manéhna ogé, sabab giat belajar, tekun, jeung tara khilaf ngadoa ka Gusti Allah. Ruslan boga kénéh hiji impian nu teu acan manéhna raih nyaéta hoyong gawé di perusahaan IT jeung manéhna pan ngan ukur reusep jurusan IT.
Sa enggeus manéhna asup ka éta perguruan tinggi negeri téh manéhna bangga sabab tos bisa asup ka perguruan tinggi negeri nu di impikeun ku manéhna ti SMA téh. Ruslan nyokot jurusan Teknik Informatika di perguruan tinggi negeri éta téh. Manéhna hoyong bisa asup ka eta perguruan tinggi téh kudu loba usaha na ge da teu gampang manéhna menngkeun éta kabéh téh. Indungna oge bangga Ruslan sakaligus anakna lantaran tos ngabanggakeun ka indung jeung bapa na. Manéhna ceurik bari meluk indungna na téh lantaran manéhna tos di dukung pisan ku indung na téh tepi ka bisa asup ka perguruan tinggi negeri kitu téh, Ruslan nganggeup diri na sorangan téh tos jiga nu boga keberuntungan nu leuwih loba, bari manéhna ceurik sedih jung bangga téh.
Indung jeung bapa na ogé émangna gé tos ngadukung manéhna téh mun hoyong asup ka perguruan tinggi negeri éta téh kudu loba prestasi jeung ngaraih juara tin tiap tiap aya perlombaan, makanna dina eta dorongan ti kolotna téh Ruslan giat tekun jeung teu gampang nyerah budakna. Ruslan téh boga cita cita hoyong asup ka perguruan tinggi negeri éta téh ti SMA kelas 10 wé dan manéhna geus hoyong ngké na téh jadi Pagawé IT di perusahaan nu gedé. Ruslan di éta kahoyong tepi ka ayeuna manéhna ngacapai cita cita na teh luhur pisan ogé perjuangan na téh.
Manéhna hoyong bisa asup ka jurusan teknik informatika téh lantaran manéhna tos diajar ogé ti SMA téh programming mah, manéhna mah pan budakna tekun kana naon waé téh, Ruslan diajar bahasa program Java téh nyaéta hoyong bisa ngajieun program aplikasi nu bermanfaat pisan bagi loba jalma téh, Ruslan diajar éta bahasa program éta teh mulai ti dasar dasarna wé tepi ka manéhna nyoba nyieun program aplikasi nu manéhna jieun. Mulai ti nyieun game nu simple jung ngajieun aplikasi nu séjén na. Ogé Ruslan téh tepi ka bisa ngajieun program aplikasi lalu lintas nu di béré tanggapan ku pihak swasta téh sabab aya ogé panitia na nu polisi ogé.
Ruslan bangga ka diri na téh sabab usaha manéhna hoyong bisa kuliah di perguruan tinggi negeri éta téh da teu gampang menangkeun na. Anjeunna poé ka poé na terus terusan sedih bangga lantaran bisa asup ka perguruan tinggi negeri éta. Ruslan ogé di ucapkeun selamat ku babaturan na jeung guruna ogé, manéhna téh tos mah meunangkeun beasiswa nya meunangkeun ogé nilai nu gedé tibatan babaturan nu séjén na mah, guru guru nu lainna ogé bangga ka manéhna lantaran bisa aya deui nu katarima di perguruan tinggi negeri éta téh. Lantas ngaran Ruslan ka catat ku pihak sakola na téh jadi murid nu tos ngabanggakeun sakolaaan jeung guru guruna ogé.
Dibalikna eta kabéh, baraha taun kemudian manéhna téh tos lulus di perguruan tinggi negeri éta téh. Manéhna nganggeuskeun éta kuliah sarjana Teknik Informatika.
Éta manéhna sa enggeus baraha taun téh lulus ti perguruan tinggi negeri éta téh. Manéhna geus meunang gelar sarjana Teknik Informatika. Lantas manéhna pék babaraha poé istirahat di bumi na téh, lantaran manéhna tos bangga Jeung senang pisan tos jadi jalma nu boga gelar sarjana Teknik Informatika nu ku manéhna impikeun téh. Lantas tos kitu kabéh manéhna isukanna téh ngalamar pagawéan di hiji Perusahaan IT di Bandung téh. Manéhna daftar kadinya téh tah, sa enggeus manéhna daftar téh isukanna manéhna bakal di interview gawé na téh. Manéhna siap siap diri lantaran isukanna téh manéhna bakal di interview asup ka Pagawéan éta téh.
Isukanna teh isuk isuk Ruslan mangkat ka tempat manéhna ngalamar pagawéan téh. Manéhna rada sieun ogé “ Haduh.. kuring rada dag-dig-dug kieu euy” ceuk Ruslan bari sieun jeung deg-degan téh. Pék giliran manéhna tah di titah asup ka rungan interview na téh. Ruslan di interview ku pihak pagawéan na téh. Manéhna rada dag-dig-dug di jero ruangan interview éta téh. Lantas sa enggeus manéhna di interview téh manéhna kaluar ti éta ruangan téh. Manéhna di titah nunggu 2 poé nangtukeun manéhna di tarima atawa henteu na téh.
Ruslan teu sabar jeung loba ngadoa dei ka gusti Allah téh lantaran manéhna hayang bisa gawe di éta perusahaan IT téh. Ruslan isukanna téh meunang surat ti éta perusahaan IT téh. Lantas manéhna sieun jeung kaget bisi teu katarima di éta perusahaan IT téh. Pék manéhna ngabuka éta surat na téh, Ruslan dag-dig-dug rada deg-degan pas arék muka eta suratna. Pas enggeus manéhna buka éta surat n téh manéhna kaget jeung bangga ogé lantaran manéhna ka tarima di éta perusahaan IT téh, manéhna isukan téh tos bisa gawé ka éta perusahaan IT téh.
Isukanna deui manéhna datang ka kantor perusahaan IT éta téh bari jeung di sambut ku para senior manéhna téh. Ruslan di ucapkeun selamat ku babaraha rekan gawé senior na téh. Lantas Ruslan seneng ogé kusabab senior manéhna téh barageur ka manéhna. Ruslan di awal poé gawé na mah ngan ukur perkenalan jeung di ajak ka tempat tempat éta kabéh nu aya di kantor perusahaan IT téh. Manéhna tos di béré nyaho meja na tempat manéhna ngké gawé téh ku pihak perusahaan na téh. Manéhna seneng oge eta pihak na ogé geuningan baroga sifat ramah teu cara pas manéhna keur di interview téh.
Anjeunna isukanna téh mangkat isuk isuk ka tempat manéhna gawé téh di eta Perusahaan IT téh. Ruslan budakna pan tekun jeung rajin, manéhna mah jadi geus boga kabiasaan nu hadé pikeun gawé mah komo deuih, lantaran manéhna mah da tos biasa hudang isuk isuk téh ti SMP ogé tepi ka ayeuna manéhna mah emang geus katempo budakna da emang tos rajin jeung tekun pisan kana sagala kagiatan anu manéhna gawéan sapopoé na téh. Indungna oge seneng manéhna bisa katarima di perusahaan IT éta téh. Indungna bangga boga anak jiga Ruslan téh lantaran budakna tekun jeung rajin pisan diajar ngenaan nu manéhna hoyong téh atuh da.
Ruslan boga kénéh impian hoyong jadi karyawan nu paling di pandang ku bos na, sabab manéhna mah hoyong éta kabéh téh da bari jeung make usaha bari jeung doana ogé ka Gusti Allah. Manéhna tos ngacapai kahoyong na ti awal tepi ka ayeuna manéhna sukses jadi Pagawé di perusahaan IT téh.
Manéhna di éta perusahaan IT téh boga tugas bagian kode editor (Engineering) rejeung bagian program beta tester suatu program aplikasi jeung komputer atawa Android developer. Manéhna seneng lantaran manéhna da tos boga ka ahlian din éta bidang nu ku manéhna ayeuna di paké téh. Ruslan pan budakna tekun jeung rajin pisan ngenaan naon naon baé nu manéhna gawéan téh.
Ruslan rajin pisan datang pang isuk isuk na ka kantor téh, lantaran da manéhna mah tos biasa kagiatan nu kitu téh sapopoé na da kitu di bumi na gé. Pak téh manéhna di puji ogé ku pihak perusahaan IT na téh kusabab manéhna mah datang ka kantor téh rajin pisan tara telat sapoé pun. Manéhna bangga jeung seneng ogé kusabab di béré pujian ku pihak perusahaan IT éta téh. Pék Ruslan jadi betah jeung seneng gawé di éta perusahaan IT téh.
Hiji poé bos perusahaan IT éta téh datang ka kantor mariksa para karyawan na téh nu aya di kantor na. Ruslan rada sieun ogé, tapi manéhna siap mental jeung raga na téh. Pék bos manéhna téh nempo hasil gawé Ruslan di kantor na téh, Ruslan rada dag-dig-dug ogé lantaran manéhna sieun di béré komentar nu rada nyinggung ka manéhna téh. Tapi Ruslan teu di béré komentar negatif ku bos na téh malahan manéhna di omongan hasil gawé na alus cnah. Lantas manéhna bangga hasil gawé na di omongan positif ku bos na téh.
Anjeunna seneng wé da makin betah gawé di Perusahaan IT éta téh. Ruslan makin betah terus terusan gawé didinya babaraha taun tepi ka manéhna boga tabungan jang masa depan manéhna jeung hoyong ngabanggakeun ka kolot manéhna téh nu tos ngadukung manéhna tepi ka sukses nga gapai cita cita na téh. Manéhna hoyong bisa ngabales jasa indung jeung bapa na tepi ka manéhna kolot téh.
Hiji poé manéhna mangkat ka kantor téh, teu lila aya bos nga datangan ka manéhna. Pék téh bos manéhna ngomongkeun manéhna téh jadi karyawan nu paling hadé jeung manéhna bakal di transfer ka kantor bos manéhna nu di Jakarta téh. Lantaran manéhna seneng sabab tos bisa jadi karyawan terbaik di kantor perusahaan IT na téh. Manéhna seneng oge impian manéhna kecapaian deui gawé di kantor perusahaan IT terkenal di Jakarta téh.
Sabalikna Ruslan k imah na téh manéhna ngabéjaan indungna, sabab manéhna to jadi karyawan terbaik jeung manéhna bakal di pindahkeun ka kantor perusahaan IT terkenal di Jakarta téh, indungna ceurik bari meluk anakna nu Tos sukses téh. Indung na bangga pisan boga anak nu tos bisa ngabanggakeun kolot na teh. Ruslan jadi budak nu sukses ngejar cita cita na ti Awal SMA. Manéhna sedih’jeung bangga lantaran tos nga gapai cita cita manéhna.